Friday, June 10, 2011


CARPON


NU KASURUPAN
Carpon Ena Rs.


“RAH! Lurah!” Kadenge aya nu ngageroan ti hareup. Sada sora Mang Sadum.
Kuring nu keur gogoleran dina korsi panjang, cengkat, jung nyampeurkeun. Bray mukakeun panto...enya we Mang Sadum nangtung di handapeun cureman.
“Aya naon, Mang?” Cek kuring.
“Itu, Rah, Si Omo gogorowokan di Cipeundeuy...” Tembal Mang Sadum bari angger nangtung.
“Gogorowokan?”
“Enya, Rah... Gogorowokan sorangan...”
“Gogorowokan sorangan? Naha atuh lain baturan?” Cek kuring ngaheureuyan Mang Sadum.
“Jeh, ari Lurah...” Mang Sadum mesem.
“Naha kunaon cenah? Ngadak-ngadak siwah kitu?” Cek kuring, hemeng kabina-bina. Sainget mah pan Si Omo teh jalma waras. Ngan memang rada badung keur ukuran barudak kampung mah.
“Nya eta ge banget ku teu ngarti... Ayeuna keur dilalajoan ku jalma. Ilikan ku Lurah, bisi kumaonan...” Tembal Mang Sadum. Jigana teh teu kurang-kurang ngarasa hemengna.
Kajurung ku panasaran kuring nuturkeun ka Cipeundeuy. Dikolor jeung dikaos we, teu ngurus disalin. Kabeneran da teu pati jauh Cipeundeuy teh. Barang srog enya we keur rea jalma ngagimbung.
Kuring seselendep. Srog ka hareup...tembong Si Omo di warung Wa Nenti. Keur nangtung dina korsi. Leungeunna acung-acungan. Sakapeung meureup. Sakapeung  tutunjuk ka jalma nu aya di dinya. Jiga nu keur orasi....
“Na kumaha mimitina eta teh?” Cek kuring ka Mang Sadum nu milu seselendep.
“Bejana mah tas sasarean, ari hudang tuluy kitu...” Cek Mang Sadum.
“Moal kitu kasurupan mah?... Tapi piraku nya kasurupan di warung... Mun di nu sumil mah pantes...”
Mang Sadum teu nembal.
Kuring nyampeurkeun Si Omo. Teu ari deukeut teuing mah.
“Mo, maneh ku naon, euy?” Cek kuring, nangtung hareupeunana.
“Tah, belegug jalma teh, make jeung nanya... na teu kadeuleu aing keur naon? Baong ta silaing teh?” cek Si Omo.
Deuleu etah! Matak  hemeng Si Omo nembalan kitu. Biasana sok adab si eta mah ari ka kuring teh. Ari ieu bet culangung. Nyebut silaing sagala...
“Maneh teh teu apal jeung saha ayeuna nyarita, Mo?” Kuring nanya deui.
“Saha kitu silaing?” Si Omo kalah balik nanya. Manehna mencrong.
Kuring gogodeg. “Lurah, Mo, Lurah. Piraku teu apal?”
“Lurah mana, euy? Lain lurah Semar mah? Ha ha ha ha!”
Jalma-jalma nu ngarariung sareuri. Kuring ge mesem. Si atah adol teh. Piraku kuring dianggap lurah Semar. Memangna wayang?
“Istigfar, Mo. Ulah kabawa ku sakaba-kaba...” cek kuring.
“Ah, istigfar mah tuh keur si itu tuh nu make baju koneng... istigfar kituh ulah mamawa pamajikan batur wae...’” Cek Si Omo bari nunjuk ka Mang Tardi nu make baju koneng.
“Si eta deui tah nu make topi laken... Ari meulian kai teh ulah sok nipu patani wae...karunya, euy! Istigfar” Si Omo nunjuk ka Pa Warjo, bos kai di lembur.
“Itu deui nu nyarande kana tangkal kalapa... ulah sok ngeser wates taneuh batur wae..Istigfar..” Si Omo nunjuk ka Ki Idang.
Aeh, aeh, naha Si Omo ngadak-ngadak sagala apal? Apan manehna mah umurna oge karek dalapan belas taun. Teu sakola, gawe di lembur ngadon ngojeg. Mustahil nyaho kana kalakuan nu ku manehna tadi ditunjuk. Kolot onaman rada apal kana kalakuan jalma-jalma eta.
Hayang nyoba. Kumaha manehna ngajawab ngeunaan kuring.
“Ari kuring kumaha, Mo, kudu istigfar?” Cek kuring.
“Ah, silaing mah leuheung, euy. Lurah lin silaing teh?” Cek Si Omo bari mencrong ka kuring.
“Enya.”
“Heueuh, sing sabar we. Leutik-leutik ge silaing teh pamingpin ieu lembur. Adatna dijejeleh ku rahayat mah. Da rahayat ge rea nu teu benerna ieuh. Aing apal tuh nu mareunang bantuan ngomean imah nu ruksak ku gempa. Meunang sapuluh juta, dipake ngomean ukur beak genep juta dalapan juta, ari dina LPJ-na mah angger sapuluh juta. Hayuh ngadon nyieun bon jeung kuitansi aspal. Pan silaing ge apal, lin?”
Kuring mesem.
“Naon deui, Mo?”
“Naon deui naon deui siah? Naha atuh sakitu apal diantep wae?”
Kuring mesem deui.
“Belegug silaing mah. Laporkeun deuleu. Naha lamun silaing aya kasalahan rek dibarelaan kitu? Keureut ceuli aing tah, digebruskeun silaing mah mun aya kasalahan teh...”
“Pan melaan rahayat, Mo...”
“Melaan melaan tujuh puluh siah. Rahayat mah leuwih telenges lamun geus ngahiji. Silaing bisa diwiwirang deuleu! Ayeuna mah keur jamanna gampang nyalahkeun pamingpin. Naha silaing teu eungeuh? Belegug siah mun teu eungeuh mah...”
“Nyaho kuring ge, Mo.”
“Mo, Mo! Aing mah lain Si Omo...”
“Saha atuh?”
“Aing Raden Panji Rasa, deuleu! Nu ngageugeuh Pasir Cileutik!”
Kuring jeung jalma nu ngarariung di dinya rada ngagebeg. Memang di Pasir Cileutik teh aya makam karuhun lembur, nelahna makam Raden Panji Rasa. Tapi naha enya manehna nyurup ka Si Omo. Geus puluhan taun kuring hirup di lembur ieu, asa karek ngadenge Raden Panji Rasa nyurup ka jelema.
“Ha ha ha silaing sarerea heran, nya?” Cek Si Omo. Karek sadar, enya sorana ge teu sada Si Omo. Tapi sada sora jalma nu gede ageman, rada geueuman.
“Enya atuh, ayeuna naon kahayang di dinya, Mo?” Cek kuring nanya.
“Mo deui, Mo deui. Raden Panji Rasa! Kadenge teu? Piraku goblog mah silaing teh?” Cek Si Omo sada nu ambek.
“Eh, enya atuh, Raden....” Cek kuring rada mesem. Antara percaya jeung teu percaya nu nyurup teh karuhun lembur, Raden Panji Rasa.
“Aing hayang kopi, euy!”
“Hayang kopi? Sabaraha siki?” Cek kuring ngaheureuyan.
“Cikopi, belegug! Lain kopi atah!”
Jalma tingserengeh.
“Oh, enya, enya. Hayang kopi naon? ABC? Kapal Api? Torabika? Atawa kopi naon?”
“Kopi hideung, deuleu. Kopi asli!”
“Heug!” Kuring ngalieuk ka Mang Juma. “Cik neangan kopi, Mang!”
Mang Juma nurut. Manehna ngaleos. Teu lila datang deui mawa cikopi sagelas. Song dibikeun ka Si Omo.
“Belegug siah! Naha ngan sagelas?” Cek Si Omo molototan Mang Juma. Atuh Mang Juma ngarempod.
“A..a..a..atuh saku..ku..kumaha?” Mang Juma arap-eureupeup.
“Sateko, euy!”
“Muhun atuh, Raden!” Cek Mang Juma.
Si Omo nyakakak disebut Raden teh.
Mang Juma ngaleos deui. Balikna mawa cikopi sateko badag. Song dibikeun ka Si Omo. Ku Si Omo ditampanan. Na da eta mah cikopi sateko ditenggak, beak sakali. Sarerea colohok. Karek percaya Si Omo kasarumahan. Da lamun lain kitu mah pimanaeun teuing Si Omo sanggupeun nginum cikopi sateko disakalikeun.
“Nuhun euy, nuhun. Pangabakti silaing katarimakeun. Aing hayang roko, euy!” Cek Si Omo bari ngabalangkeun teko.
“Roko naon?”
“Bangjo, euy!”
“Bangjo mah langka!”
“Bako we. Panglintingkeun.!”
Dipanglintingkeun bako. Tapi basa diasongkeun teu kapake ku Si Omo.
“Belegug siah. Leutik teuing. Pangnyieunkeun sagede indung suku, siah!”
Diturutkeun, nyieun bako dilinting sagede indung suku. Lain ku pahpir tapi ku kertas koran. Song disaongkeun sanggeus diseungeut. Sarerea colohok deui nempokeun Si Omo udud bako sagede indung suku. Hadeupna nyerebung, mulek. Jiga nu nikmateun naker.
“Rah, ulah diantep wae, parancahan kadinyah!” Cek Mang Juma ngaharewos.
Si Omo ujug-ujug buringhas. Bako nu keur diududna dibalangkeun.
“Teu kudu diparancahan, deuleu!” Omongna bari muncereng ka Mang Juma. Puguh we Mang Juma murengked deui. Manehna ngahephep tukangeun kuring. “Aing rek indit sorangan. Ngan aing titip, sing balener siah harirup teh, ulah ngokotoran lembur nang aing hese cape baheula ngabaladah. Saria mah tinggal enakna, tapi pangteubalenerna. Aing teu rido! Bisi aya azab ti Pangeran siah! Piraku aing nu geus aya di alam sejen kudu pimilueun ngelingan. Sing hideng we, sing areling sorangan. Awas siah....” Geus ngomong kitu awak Si Omo ngagibrig, guprak we kana korsi warung. Tuluy nyangsaya jiga nu pohara capena.
Si Omo tuluy dibaruru. Dibere nginum bari pada nanya. Ari kuring teu lila ge tuluy mulang. Sajajalan mikir, heueuh jaman ayeuna, rek ngungkab bebeneran atawa nuduhkeun hiji kasalahan teh mani kudu jiga jalma kasurupan. Kudu gogorowokan,  demo mun di kota-kota mah. Karek diperhatikeun. Ari ku cara nu leuleuy atawa ku cara nu biasa-biasa mah pimanaeun teuing bisa diungkab. ***

Ena Rs.
Sidamulya Bojonggedang Rancah 46387.



ENA RS. Lahir 08 April 1972. Mimiti nulis ti jaman keur SMP, taun 89-an. Leuwih resep nulis dina basa Sunda. Tulisan mangrupa carpon, sajak, kolom, jeung humor dimuat dina majalah Mangle, Sunda Midang, Kabar Priangan, jeung Cakakak. Geus nulis 22 judul buku carita barudak. Kungsi dua kali meunang carpon pinilih majalah Mangle. Ayeuna ngabaktikeun diri jadi Kepala Dusun di Sidamulya Bojonggedang Rancah Ciamis.

1 comment:

  1. Kataji ku carpon carpona Ki Rurah, sae pisan eta caritana, runut, bentes sareng ceples entep seureuhna. Teraskeun ki Rurah ....., sareng teraskeun perjuangana Ti Jadi Rurah, janten Kades saterasna kedah janten Bupati malah sing dugi ka jadi Presiden, tapi ari ulah di ditinggalkeun karesepmah kana Ikan Salem nya ki Rurah...

    ReplyDelete