Thursday, June 9, 2011


Carpon


DAUN KALAPA
Carpon Ena Rs.


KARSIH mulang ti tampian, ringkung.  Leungeun kenca ngelek boboko nu pinuh ku gerohan. Leungeun katuhu ngajingjing ember eusi seuseuhan. Blus ka dapur saentas ngecagkeun ember deukeut pamoean. Maksudna rek neundeun boboko heula samemeh moekeun seuseuhan. Kasampak  Karta, salakina, masih candukul bari ngepluk udud.
“Har, naha geuning masih candukul keneh wae, Pa?” Cek Karsih. Boboko diecagkeun.
Karta teu nembalan, ukur ngareret. Haseup roko nyerebung tina irungna.
“Moal gawe ta, Pa?” Cek Karsih deui.
“Arek...” Tembal Karta ku sora nu halon. Kadenge tuluy ngarenghap semu beurat.
Karsih kaluar ti dapur. Nang sajongjongan mah manehna moekeun seuseuhan. Cahya panon poe isuk karasa haneut. Muga-muga we sing panas, gerentes Karsih. Seuseuhan ambih tereh garing. Ayeuna tea, cuaca teh asa teu puguh. Kadang jam sabelas ge geus breg hujan.
Blus deui ka dapur. Karta masih candukul. Karsih teu pati malire. Manehna asup ka kamar, ngadon disalin. Kaluar, kasampak salakina masih cindukul keneh wae. Masih bari udud ngepluk.
“Age-age Pa rek gawe mah... Geus beurang ieu teh.. Tuh, geus tabuh tujuh...” Cek Karsih. Ret kana cikopi gigireun salakina, jiga can diinum saregot-regot acan. Geus tiis pastina oge.
“Aduhhhh.... “Karta cengkat. “Haroream puguh ge...” Tuluy babatek. Sukuna karasa ngarey.
Karsih ngalieuk.
“Atuh ari teu purun mah reureuh we, Pa... Ulah maksakeun...”
“Ah rek maksakeun we.... kagok geus jangji jeung Haji Enab poe ieu rek diala kalapana.....” Ingkud-ingkud leumpang ka palebah lawang. Sukuna karasa ngarey keneh. Cek kana bedog nu ngagantung dina tihang, tuluy disoren. Topi, rap dipake. Salumat, karung, rancatan jeung salang nu ngagoler, dicokot... enya jiga nu haroreamna teh. Biasana cangcingceng, harita mah tembong maksakeun pisan.
Karsih ngarenghap. Manehna nempokeun salakina tina lawang dapur.  Watir, umur geus lima lima, geus kolot, tapi pagawean ti baheula jadi tukang ngala kalapa can keneh dieureunan. Padahal masing teu gawe kitu ge keur dahar-dahar bae mah moal kurang. Beas tara meuli najan sambunganeun loba oge. Cukup tina sawah dua ratus bata. Mahi ti usum ka usum teh. Tapi meureun pagawean ngala kalapa teh geus jadi candu...
Karta leumpang ka beulah wetan, muru jalan gede. Hilireun pabrik heler, mengkol ka katuhu mapay jalan satapak, meuntas walungan cipeundeuy, tuluy mapay galengan sawah. Pare keur meumeujeuhna koneng. Moal lila deui ge panen. Calanana cipruk ku ciibun tina daun pare nu ngaroyom kana galeng nu kaliwatan. Beak pasawahan manehna ngarandeg, napasna ngahegak. Perbawa hoream meureun, piraku leumpang sakitu wae, can pati jauh, geus karasa cape....
Ngahuleng sajongjongan. Ngadon betah nempokeun ngamparna pasawahan. Tembong manuk piit saabrulan, pruk kana tangkal jambe. Sawareh haiber deui, pruk kana pare. Tapi teu lila hiber deui, pruk deui kana tangkal jambe.
“Ta, nyinaon euy ngahuhuleng di dinya?”
Karta ngarenjag. Ngalieuk ka palebah datangna sora. Horeng Ki Aman.
“Aeh, Ki... he he he... puguh mani asa waraas nempo pasawahan...” tembal Karta.
“Jiga urang kota wae... naon waasna pasawahan unggal poe ge katempo?” Cek Ki Aman.
Karta ukur ngaheheh. Enya puguh, naon anehna pasawahan? Tapi teuing atuh da asa waraas we. Pare nu keur karoneng, ciibun,  manuk piit,  tangkal jambe, asa mere suasana nu beda isuk ieu mah. Karta ge teu apal naon sababna. Waraas we jiga nu lila teu nempo. Aya suasana endah nyulusup kana pikiran jeung hatena. Karta  ngantep eta rasa ngawasa dirina...
“Rek ngala kalapa nu saha dih ayeuna?”
“Nu Haji Enab, Ki...” tembal Karta. “Yu, ah, Ki!” Manehna ngaleos. Rasa hoream masih ngagayot. Tapi manehna kudu ngalawan eta rasa, kudu maksakeun.
Karta hanjat ka hareupeun imah Ki Aman. Tuluy cepet ngulon. Bras ka deukeut bengkel Koswara. Ti dinya kebon Haji Enab geus kaciri. Kari mapay jalan gede, mengkol ngenca, nepi we...
Di sisi kebon Haji Enab, Karta ngadon ngahuleng deui. Daun-daun kalapa tembong hejo bengras katojo panon poe. Tingaroyag lalaunan katebak angin isuk.  Aneh geus katempo waas deui we. Endah. Naha nya? Karta neleg ciduh. Atawa manehna salila ieu teu pernah sadar kana eta kaendahan. Nganggap biasa wae sabab geus jadi bagian tina hirupna.
Naon anehna daun kalapa? Naon anehna tangkal kalapa? Geus rebuan kali manehna naek turun tangkal kalapa, ti jaman ngora buburuh ngala kalapa. Nepika awakna ge bau tangkal kalapa. Nyirikeun manehna jeung tangkal kalapa teh geus jadi bagian nu teu bisa dipisahkeun. Tangkal kalapa jeung buahna teh hirup manehna. Kipayah manehna.
Kana naekan tangkal kalapa, di lembur ieu mah Karta nu pangpinterna. Nepika aya nu nyebut bingung neangan tangkal kalapa nu can ditaekan ku Karta mah. Kabeh geus kungsi ditaekan ku manehna diala buahna. Iwal meureun tangkal kalapa nu laleutik, nu can bubuah... Tangkal kalapa teh sobat manehna. Karta nyerengeh...
Tapi isuk ieu tangkalna, daunna, buahna, mere suasana nu beda. Katempo matak waas sakaligus endah. Teuing naon sababna. Teu hayang nalengteng kana jero hate jeung pikiranana.  Rancatan, salang, karung jeung salumat diecagkeun kana taneuh. Sendalna dilaan. Karta nyampeurkeun tangkal kalapa nu pangdeukeutna. Memeh naek ditanggahan heula. Aneh, pan  matak waas jeung endah, tapi kahoream asa beuki ngagayot. Ngabeungbeuratan awakna. Hhhhh. Karta mimiti mancal. Sasengked, dua sengked, tilu sengked, ngadon ngareureuh...
Aeh, aeh, naha aing mani hoream-hoream teuing ieu teh? Gerentes Karta. Manehna mancal deui. Nepika luhur Karta teu buru-buru ngalaan kalapa nu geus karolot. Ngadon nempo palawahan ka beulah landeuh. Enya, tuh endah deui wae. Jalan nu ngembat, itu bengkel Koswara asbesna tembong mimiti harideung, kebon albi Haji Karyo daunna hejo hegar katojo panon poe. Karta ngaragamang nyokot bedog nu disorenna. Kepras-kepras nilasan gagang buah kalapa. Blug, blug, blug... kalapa ragrag ninggang kana taneuh. Karta turun.
Geus di handap, leong kana tangkal kalapa nu hiji deui. Memeh ditaekan ditanggahan deui. Hoream deui wae. Padahal pan biasana mah ti tangkal ka tangkal teh najan cape tapi teu weleh kasurung ku sumanget hayang tereh ngarengsekeun pagawean. Hanjakal teu reureuh wae di imah, gerentes Karta. Cenah geus jangji ka Haji Enab, bisa sasadu ieuh.
Ari ayeuna mah geus kapalang. Karta mancal deui. Teu kungsi ngareureuh heula ayeuna mah. Aing kudu ngalawan kahoream, gerentes Karta. Nepi di luhur kepras-kepras gagang kalapa dikadekan. Blug, blug, blug, buah kalapa raragrag ninggang taneuh. Sawareh ngaracleng rada jauh. Tapi teu matak bingung neangan, kabeneran kebon Haji Enab mah henteu bala.
Aya barangbang garing, rek diala tapi liat. Digunying-gunying, dicentok disakalikeun sataker tanaga. Barangbang beunang. Tapi Karta ngalenyap reuwas. Lain barangbang wae anu ragrag teh, tapi awak manehna ge milu nuturkeun barangbang. Dahan hiji deui nu tadi dipake muntang milu lesot. Astagfirulloh! Karta rada ngagorowok. Leungeunna nyobaan ngaraeh deui dahan kalapa. Tapi sagalana geus telat...
Hirup hese diramalkeunana, komo diteangan kapastianana. Tapi barang awakna ngoleang ragrag, Karta geus bisa mastikeun tungtung hirupna. Matana peureum. Pasrah. Batinna muntang ka nu Kawasa sabab ukur eta hiji-hijina nu bisa dipake pamuntangan. Daun kalapa tembong beuki jauh, beuki jauh, beuki jauh..... Samentara taneuh beuki deukeut..... Bareng jeung ngagebutna awak Karta, kasadaranana hiber ngaleuwihan luhurna daun kalapa.
Simpe. Taya saurang ge nu nganyahoankeun.

Lembur simpe, April 2011.


No comments:

Post a Comment