Friday, June 10, 2011


CARPON


KADO
Carpon Ena Rs.


KEMIS, 12 Mei. Isuk Jumaah, 13 Mei. Lilis ngarenghap, neuteup deretan tanggal dina kalender, nu geus kaliwat masih natrat, nu can kasampeur geus ngahiap-hiap. Isuk, nya isuk, 13 Mei teu salah, manehna ulang taun. Ulang taun ka-30.
“Ka-30,” Lilis ngagerenteskeun kecap eta sababaraha kali. Saolah-olah teu yakin yen manehna geus anjog kana bilangan umur eta. Aya rasa nalangsa sumelendep tukangeun hatena. Nepika umur 25, unggal rek ulang taun teh teu weleh dianti-anti datangna. Najan teu pernah nyieun pesta ulang taun , tapi angger we gumbira. Bagja. Istimewa. Malah meunang kado sagala. Harianeun nu ngawilujengkeun mah. Mugi apanjang-apunjung. Mugi bagja nyarengan hirup anjeun. Mugi panjang umur. Ti sobat. Ti kabogoh.  Ti babaturan gawe. Ti kawawuhan. Ti kolot. Ti dulur.
Tapi ayeuna? Lilis ngarenghap. Paneuteupna pindah tina kalender kana kaca jandela kamarna. Neuteup girimis luareun imahna. Taun-taun nu pinuh ku hujan ayeuna mah. Manehna inget, kagumbiraan nyanghareupan poe ulang taun teh mimiti orot ti umur 26. Terus orot, orot, malah jadi ganti ku kanalangsaan. Ganti ku kahoream. Kado nu ditarima asa jadi nganaha-naha. Pangwilujeng asa jadi basa-basi nu euweuh harti.
Isuk tadi, subuh-subuh keneh, Nani sobatna geus sms, “Lis, besok ulang taun, nya? Hoyong kado naon?”
“Wios, teu kedah repot, Nan, hatur nuhun...” ngabales sms kebek ku kahoream.
“Pokona hoyong naon. Lis? Sok ku Nani rek ditedunan...” Sms Nani maksa.
“Kumaha Nani we atuh...” satengah pasrah.
“Heug atuh, ke rek dipangmungkuskeun Arman, nya, he he he...” Kabayang mun lain sms mah si centil teh bari cicirihilan. Ti baheula kana ngajangjaruhkeun ka Arman teh teu bosen-bosen. Padahal jalmana mah geus teu mikir-mikir, da Arman mah geus rimbitan. Baheula eta mah kabogoh keur jaman SMA.
Sabenerna teu ieuh ngarep-ngarep kado. Malah Lilis kungsi ngadunga muga batur-baturna, sobat-sobatna, dulur-dulurna, kolotna, kabogoh mah teu boga ayeuna mah, pohoeun kana tanggal ulang taunna. Muga-muga parohoeun. Muga-muga taya saurang ge nu inget. Muga-muga mun bisa mah teu tepung jeung tanggal 13 Mei. Ti tanggal 12 teh ngajleng we ka tanggal 14 Mei...
Satengah tujuh tadi isuk memeh indit gawe, Winda,  adina nu bungsu geus guntreng jeung indungna.
“Mah, ke abdi bade ka Jogja, meser kado keur Teh Lilis. Artosna kurang, tambihan, nya?”
“Nya, ke sareng we jeung Mamah atuh. Mamah ge rek meser kado keur Si Teteh...” tembal indungna.
“Sip, atuh. Cuang tuluy ngabaso di Adem Ayem, nya!”
“Jeh, sok kalah jadi olok atuh...”
Winda seuri.
Di kantor, Pa Dadang oar-oar.
“Pengumuman, pengumuman. Pengumuman ieu keur umum. Kade harilap, kade lali, enjing Bu Lilis ulang taun. Nu can meser kado geura meser. Nu teu gaduh artos keur meser kado, geura milari tambuteun... Kade hilap...”
Lilis ukur ngabetem. Romanna ngabeku.
Pa Somad mairan.
“Enya, kabeneran kuring keur boke yeuh, bere nginjeum Lis, engke dipulangkeun dina bentuk kado!”
Pikasebeleun. Lilis maksakeun nyerengeh.
“Tenang, Lis, aya ketang keur meuli kado mah.”
“Catet nu teu mere kado, Lis.”
Malairan. Terus malairan. Nepika Lilis asa murel. Mani hayang hiber mun hade mah ti dinya. Ambih teu ngadenge babaturanana nguruskeun ulang taun manehna, kado, kado, kado... huekkkk!
Tengah poe tadi, Kang Mansur, lanceukna nu gawe di Jakarta nelepon.
“Lis, cek rekening geura, Akang transfer duit keur Lilis. Kado ultah keur Lilis. Wilujeng, nya!”
“Nuhun, Kang,” Lilis neleg ciduh. “Padahal mah wios atuh, Kang, ulah teuing repot...”
“Jeh, Akang mah peuperiheun nepungan teu bisa... Hampura we teu gede transferna. Ngan sajuta...”
“Nuhun, Kang...” Najan teu ngarep-ngarep, lumayan ari duit mah. Biasana kitu Kang Mansur mah, ulang taun teh pasti mere duit.
“Lis...”
“Kah...”
“Geura boga salaki geura, ambih ari ulang taun teh teu nyorangan...”
Tah, tah, los ka dinya. Ieu nu matak murel deui teh. Lilis mani hayang klek we nutup telepon.
“Ah, da teu nyalira ieuh ieu ge... Aya Akang, aya Mamah, aya Winda, aya rerencangan....”
“Enya, enyana mah... Tapi ari boga salaki mah beda, Lis...”
“Nya, engke ge ari tos waktuna mah gaduh ieuh, Kang. Teu acan we atuh...”
“Enya, tapi iraha, Lis. Geus kolot Lilis teh... Akang mah hariwang... Meureun jongjon mun Lilis geus boga salaki mah... Meu....”
Lilis teu tahan deui. Telepon digolerkeun. Teu ari ditutup mah. Teuing ngomong naon deui  Kang Mansur teh. Teu hayang ngadenge deui. Sabodo. Sabodo. Rek ambek ge sabodo.
Sore ieu. Kado jeung pangwilujeng geus jul-jol. Utamana ti babaturan nu moal bisa datang isuk cenah. Ukur ngucapkeun nuhun bari maksakeun, nyandewara, nembongkeun roman nu bungah. Maksakeun. Nyandewara. Da jero hatena mah mani asa digerihan. Teu hayang muka naon eusi kado. Sabodo teuing. Ukur diteundeun di juru kamar.
Lilis masih neuteup ka luar. Hujan girimis robah jadi hujan gede. Sora kilat sababaraha kali ngajelegur. Tapi keur manehna mah hujan asa jadi kanalangsa. Sora kilat asa jadi kapeurih. Ya, Alloh, kumaha abdi nyanghareupan poe isuk? Manehna ngarasa hoream nyanghareupan poe ulang taun teh....
Sore lekasan. Peuting datang. Lilis gulinggasahan teu bisa sare. Mikiran bilangan umur. Engke tengah peuting jejeg 30 taun. Ras ka diri. Ras ka babaturanana. Geus taya saurang ge nu kawas manehna. Geus taya saurang ge nu saumur masih ngalagancang. Geus rarimbitan batur mah. Geus boga salaki. Boga anak. Nu hiji, nu dua, nu tilu... Boga imah sorangan... Boga... Hhhhh. Dipikiran, hantem dipikiran,  kalah asa beuki nyeuitan dirina...
Maju ka tengah peuting, beuki simpe. Beuki asa cuang cieung. Pas tabuh 00.00 manehna hudang. Tabuh 00.01 umur manehna maju ka 31. Leos ka kamar mandi. Ngadon wudu. Cong solat tahajud, teuing sabaraha rokaat. Beresna tuluy ngadunga. Cimata juuh. Nginghak. Nginghak. Enya, najan nalangsa, ari ngadeukuetkeun diri ka Nu Kawasa mah aya ni’mat nu sumelendep jero hatena,. Tumamprak kana nasib jeung takdir nu datang kana dirina.
Keun wae masih ngalaganca oge. Keun.. Matak kieu ge ieu nu panghadena mungguhing Alloh keur manehna. Lilis nyusut cimata. Enya ah, rek disanghareupan we ku kateuneung. Hirup memang pilihan, tapi aya kalana manehna ukur bisa dipangmilihkeun jalan hirup ku Nu Kawasa. Teu bisa milih sorangan. Bari nunggu waktu sagalana nepi kana nu dipikahayang...
Ayeuna dina umur 30 taun manehna can meunang jodo, memang jadi kahariwang kolotna. Bari meureun areraeun boga anak jadi parawan kolot. Tapi jodo mah pan rusiah Nu Kawasa. Teu beunang dipikahayang, teu beunang diembung-embung.  Najan enya ari alesanana mah datang tina dirina. Lilis sadar. Kista nu kungsi nyerang rahim manehna genep taun ka tukang ngalantarankeun manehna kudu dioprasi. Rahimna diangkat. Ponisna, saumur-umur Lilis moal bisa boga anak.
Lain taya lalaki nu ngadeukeutan manehna. Rea. Tapi malundur barang apaleun kaayaan Lilis saperti kitu, moal bisa mere katurunan. Saha atuh lalakina nu embungeun boga budak? Manehna oge salaku awewe, kacida hayangna mun geus laki rabi teh. Tapi kanyataan saperti kitu? Hij-hiji lalaki mundur tina kahirupanana. Manehna pasrah. Sumerah kana kanyataan. Najan matak raheut kana hate.  Bari nungguan datangna lalaki nu daek narima kaayaan manehna. Tapi teuing iraha. Teuing dina umur nu mana. Teuing saha.
Bray beurang. Pangwilujeng jeung kado jul-jol deui. Leuwih rea. Ti indungna, ti bapana, ti Winda. Di kantor kitu deui. Taya saurang ge nu teu mere kado. Numpuk we. Teu dibuka. Najan masih asa digerihan, tapi geus aya modal kateuneung. Teuneung nyanghareupan umur 30 maju ka 31. Kumaha wae kanyataanana. Najan nepika iraha nyorangan wae ge, rek teuneung, rek ludeung.
Mulang ti kantor, Lilis ngajugjug yayasan Yatim Piatu. Kabeh kado disumbangkeun ka dinya.
Lilis ngarasa hatena ngemplong. Asa nempo palawahan ti tempat nu luhur. Plung-plong bari endah.***
Lembur simpe Mei 2011

No comments:

Post a Comment