Thursday, June 9, 2011


CARPON



MOTOR URUT
Carpon Ena Rs.


PAUR. Eta perasaan kuring mun nempo barudak leutik marawa motor. Ting tirilik mapay jalan lembur. Kadang sorangan atawa ngarombongan. Teu jarang barudak karek kelas hiji atawa dua SD. Barudak leutik kitu geus dibere kabebasan mawa motor. Teu ngarti ku jalan pikiran kolot-kolotna. Kumaha mun cilaka? Leuh, mana teuing, kuring jadi teu wani ngabayangkeunana.
“Ayeuna mah geus jamanna kitu,” cek pamajikan basa hiji waktu kuring ngorbrolkeun kapaur eta. “Tingali we geura Si Dimas ge skeudeung deui menta pangmeulikeun motor... Siap-siap we...”
Beuki paur wae. Si Dimas teh budak kuring, karek kelas opat SD. Tapi tina sorot matana ari ningali barudak leutik marawa motor, kuring apal manehna oge hayangeun. Komo diantara maranehna teh aya babaturan sakelasna. Malah aya nu sahandeup manehna. Tapi kuring boga tekad moal pangmeulikeun motor samemeh manehna asup SMP. Atawa paling cepet nepika manehna kelas genep SD.
Tapi pamajikan kalah nyeungseurikeun.
“Naha Akang bisa kitu?”
“Bisa, pedah naon teu bisa? Teu pangmeulikeun motor leuwih gampang batan pangmeulikeun motor,” cek kuring, hangit nembalan teh.
“Nyaan?”
“Enya.”
“Memangna teu karunya nempo anak batur mawa motor, sedengkeun anak urang ka mana-mana nikreuh?”
“Lain sual kakarunya tuda. Ieu mah kanyaah...”
“Nya, lamun nyaah mah atuh geura pangmeulikeun motor budak teh...”
“Ah, urang boga persepsi nu beda ngeunaan kanyaah. Lamun can pangmeulikeun motor ka budak, eta ge hartina nyaah, Mah...”
“Nyaah ning kitu?”
“Geus, ah. Si Dimasna sorangan can menta pangmeulikeun motor, mamah nu riweuhna... Kieu yeuh Mah, lamun ayeuna-ayeuna pangmeulikeun motorna, Akang mah hariwang Si Dimas cilaka. Can kaawakan mawa motorna. Ongkos bisi jadi gumasep loba gaya lah. Tempo we barudak nu geus marawa motor..”
“Lamun Si Dimas menta dipangmeulikeun ayeuna kumaha?” Pamajikan ngeyel.
“Pokona ayeuna-ayeuna mah moal pangmeulikeun. Titik.” Cek kuring mungkas obrolan. Teu hayang jadi pasea, sabab apal kahayang pamajikan mah Si Dimas teh pangmeulikeun motorna ayeuna. Kadenge manehna ngarenghap. Meureun kuciwa ku sikep kuring. Ah, sabodo, da lain hartina kuring teu mampuh pangmeulikeun motor keur budak ieuh. Kuring hariwang nudak sagede Si Dimas nu awakna can sameter jejeg mamawa motor. Lain Si Dimas nu mawa motor, tapi motor nu mawa Si Dimas.
Kabandungan barudak nu geus dibere motor ku kolotna, gawena ngan momotoran wae, ka hilir ka girang teu puguh tujuan. Boro-boro mantuan kolot jiga barudak baheula. Barudak ayeuna mah hese nurutna ka kolot, tapi sabalikna kolot nu nurutkeun kana kahayang anak. Kuring teu hayang Si Dimas kitu. Naon gunana barudak dibere motor? Ngahambur-hambur bengsin wungkul, ngahambur-hambur waktu teu puguh...
Sukur we Si Dimas can menta pangmeulikeun  motor. Teuing teu wanieun. Tapi kuring memang geus siap-siap. Tabungan geus boga, cukup keur meuli motor. Sualna, Si Dimas hiji waktu mah pasti hayangeun motor. Tapi teuing iraha.
Ngendek sabaraha bulan, ahirna mah Si Dimas wakca oge, hayang dipangmeulikeun motor. Tapi kuring masih nyobaan ngulur waktu.
“Nya engke mun naek ka kelas lima,” cek kuring.
Mata Si Dimas cahayaan.
“Bener, Pa?”
“Enya.”
“Jangji?”
“Jangji!”
Si Dimas ajrag-ajragan. Karek dijangjian wae mani sakitu bungahna, komo mun geus dipangmeulikeun. Manehna nangkeup ka kuring. Tuluy ka indungna. Berengbeng ka imah ninina nu aya gigireun imah kuring. Kadenge manehna bebeja, “Ni, sakedap deui abi dipangmeserkeun motor ku bapa...”
“Iraha cenah meserna?” Cek ninina.
“Engke ari tos naek ka kelas lima.”
“Atuh tilu bulan deui...”
“Uhun, Ni.”
Kuring kaget oge ngadengena. Enya nya pan naekeun kelas teh tilu bulan deui. Rarasaan teh lila keneh. Aya rasa kaduhung talobeh ngajangjian. Tapi, lah bisa keneh diakalan.
Tilu bulan kaliwat. Tas naekeun kelas Si Dimas langsung nagih jangji.
“Mana Pa motorna? Abi tos kelas lima. Bapa pan tos jangji...”
“Nya, engke..” Cek kuring.
“Engke iraha?” Mimiti aya nada keuheul na sora Si Dimas.
“Engke we, sabar da lain meuli ciki ieu mah...”
“Tapi engkena kudu pasti, Pa...”
“Enya, enya... pasti dipangmeulikeun..” Tapi ke ari geus kelas genep, cek na hate. “ Sabar we, artosna can cukup..” Ditungtungan ku ngawadul.
“Awas mun bapa ngabohong!”
“Enya, enya.. tenang we.”
Sabulan, dua bulan, Si Dimas masih bisa dibebenjokeun. Manehna masih bisa ngarti. Nu teu daekeun ngarti justru kalah indungna.
“Teu hade pa hayuh wae ngabobodo budak,” omong pamajikan nyindiran.
‘Ah, da lain ngabobodo, Mah... tapi waktuna asa can tepat pisan. Leutik keneh Si Dimas teh. Ke we ari geus kelas genep dina cepetna oge...”
“Jadi rek diundur sataun deui nya?” Mata pamajikan jiga nu rek luncat.
“Enya..” tembal kuring. Lamun bisa...
“Abi teu ngarti ku jalan pikiran Akang. Naon dih nu dipikasieun? Tingali barudak tatangga nu geus dipangmeulikeun motor. Naha maranehna aya nu cilaka? Henteu, lin? Barudak ayeuna mah geus palinter. Labuh sautak-saeutik mah wajar atuh. Karunya Kang Si Dimas. Abi sok ngenes ari nempo Si Dimas leumpang, sedengkeun baturna mah geus tingtereleng dina motor. Akang teu ngenes?” cek pamajikan.
Kuring ngahuleng. Omonganana kaharti oge, aya benerna. Karunya Si Dimas. Hate kuring mimiti leah.
“Nya atuh, isuk akang ka Banjar,” cek kuring ahirna.
“Nyinaon?”
“Pan meuli motor keur Si Dimas. Rek meuli nu anyar.”
“Awas, ulah ngabohong deui...”
Tapi sorena aya kajadian nu matak geunjleung di lembur. Deukeut kebon karet, si Dadang budak tatangga, motorna aya nu ngarampas. Untung budakna mah teu dirogahala. Ngan motorna dibawa kabur. Mangkaning motor karek crut.
Saharita niat mangmeulikeun motor keur Si Dimas murengked deui. Malah asa boga tanaga anyar pikeun mere alesan ka Si Dimas jeung pamajikan.
“Tuh, kan kitu akibatna lamun budak leutik geus dibere motor.. masih untung ukur motorna, kumaha mun budakna?” cek kuring.
“Tapi pan teu sakabeh budak nu boga motor ngalaman kitu, Kang... Nasibna we eta mah...” cek pamajikan
“Tapi teu mustahil tumiba ka Si Dimas lamun bogaeun motor...”
“Mustahil, Kang!” Pamajikan teugeug. Urat beuheungna ranteng.
Ngadenge kuring jeung pamajikan hungheng, Si Dimas ngajengkat. “Bapa loba alesan! Bapa ngabohong!” Pokna satengah ngagerewek. Blus ka kamar, teu ka luar-luar deui.
Isukna Si Dimas embung ka sakola. Isukna deui masih kitu. Manehna embung sakola samemeh pangmeulikeun motor. Dibebenjokeun kukumaha ge teu mempan. Nepika saminggu mogok sakolana oge. Ahirna kuring leah deui.
“Tapi cuang meuli motor urut wae, nya.. Isukan geus SMP karek meuli nu weuteuh...” Cek kuring.
Si Dimas teu buru-buru nyatujuan. Cek pikir, mun motor urut mah, asal alus keneh, moal pati loba resikona. Moal jadi inceran jalma jahat. Moal aya nu ngarampas atawa dipaling.
Sanggeus hantem dileuleuyan ahirna Si Dimas panuju. Isukna kuring geus meunang motor urut harga opat juta. Ngan dua poe Si Dimas diajar na motor, poe katiluna geus bisaeun sorangan. Bener cek pamajikan barudak ayeuna mah palinter. Kuring wae baheula saminggu karek bisa.
Hiji sore, Mang Tarno ngurunyung ka imah bangun nu rusuh.
“Pa, itu..eu..itu...” Omongna arapap-eureupeup. Jiga nu hese nyarita.
“Itu naon, Mang?” Cek kuring heran sakaligus curiga.
“Itu..eu... Jang Dimas ragrag ka walungan..”
Deg! Astagfirulloh.
“Di walungan mana?”
“Di walungan Cibuyut..”
Satengah lumpat kuring muru ka walungan Cibuyut nu pernahna di wates lembur. Teu kungsi lima menit ge nepi. Kasampak geus rea jalma ngaliud. Si Dimas digolerkeun dina aspal. Baraseuh. Tarangna baloboran getih. Kuring rek ngarawu Si Dimas, tapi dihalangan ku Ki Iding.
“Kade, aya tulang nu potong,” cek Ki Iding bari nuduhkeun sababaraha titik dina awak Si Dimas: bitis jeung taktak. “Hadena mah tuluy bawa ka rumah sakit we, karunya...”
“Enya atuh, cik pangneangankeun mobil...” Hate mah tagiwur sok sieun Si Dimas teu katulungan. Teu katahan cimata nyurucud nempo budak nu humarurung nahan kanyeri. Buukna diusapan.
Motor nu masih di dasar walungan diarangkat ka darat. Sanggeus beunang, karek tembong gantar remna lesot. Meureun lolos rem, teu katahan gujubar ka walungan. Kabeneran walungan Cibuyut teh aya dina tungtung pudunan Singasari. Si Dimas jol ti tonggoh. Lolos rem...kabayang kumaha Si Dimas ngaduruluk ti tonggoh...
Teu lila pamajikan datang. Nempo kaayaan Si Dimas manehna ngagoak. Rek ngagabrug ku kuring dihalangan. Manehna malik ka kuring. Sorot matana pinuh ku amarah. Leungeunna tuluy merekpek dada kuring.
“Dasar Akang mah pelit! Kejem ka anak! Teu boga kakarunya! Rajeun pangmeulikeun motor urut. Coba mun pangmeulikeun motor weuteuh mah moal lolos rem ieuh. Motor butut nu lolos rem mah!” cek pamajikan namplokeun amarahna.
Kuring ukur ngabetem. Rumasa salah. Sieun Si Dimas ngalaman nasib jiga Si Dadang nu dirampas motorna, kalah ngalaman nasib cilaka gara-gara motorna lolos erem. Heueuh, mun motor weuteuh mah piraku lolos re. Dasar aing bodo!
Mobil datang. Si Dimas diangkat kana mobil. Sajeroning perjalanan ka rumah sakit, kuring apal yen keur nyageurkeun Si Dimas  tangtu perlu waragad teuing sabaraha tikel tina harga motor. Ya Alloh salametkeun budak abdi! Teu petot-petot ngadunga.
Sore meh lekasan. Peuting datang. Hate kuring ngarakacak. Wangunan rumah sakit kalah nambah tagiwur. ***

Mei 2011.

No comments:

Post a Comment