Thursday, June 9, 2011


CARPON



BULAN MASIH MONCORONG
Carpon Ena Rs.



Beusi-beusi sasak Cijolang karasa tiis ku ibun, satiis hawa peuting. Kuring nyalande kana tihang bari nyeletingan jeket. Sora Cijolang kadenge seah, umpalan caina nu kiruh boborelakan katojo cahaya bulan.
Najan tadi pasosore hujan badag, tapi langit peuting ieu katembong lenglang. Lenglang pisan... Bulan tembong moncorong, enya bulan purnama tuda, meh nepi ka tengah langit. Bulan nu tembong beda keur kuring mah. Bulan moncorong, tapi teu mawa bengras kana hate kuring....
Nyorangan tengah peuting di tempat nu simpe ieu, kuring deuk neangan katingtriman, sugan jeung sugan bisa niiskeun hate nu keur marungkawut. Jauh-jauh jung ka dieu lain mangsa,  mawa hate nu teu puguh jujuteunana... Marudah... Motah...
Asa nongtoreng keneh sora Ningsih, pamajikan, tadi sore....
“..........Enya, abdi memang kungsi sare sagebrug jeung Si Egom.........”
Mun kungsi dibentar gelap mah meureun kitu pisan perasaan kuring harita. Dar! Asa ngajedad. Awak paksiak panas, ngeleper sakaligus leuleus, nahan amarah nu ujug-ujug ngabebela. Leungeun teu sadar ngalayang kana pipi pamajikan: plak, plak! Kenca katuhu!
Tapi Ningsih jiga nu teuneung. Najan dicabok, manehna teu ceurik atawa kumaha. Padahal biasana mah mun pasea teh manehna sok leweh. Ayeuna mah ngajengjen we bari neuteup kuring ku sorot nu pinuh ku katerusterangan, sakaligus pasrah siap narima sagala resiko tina ucapanana.
“Ning atuh bareto basa ditanya ku aing maneh ngaku henteu?” Kuring malik neuteup Ningsih. Sora ngageleter nahan amarah.
Ningsih teu nembalan.
“Apan bareto teh maneh nepika sumpah sagala? Demi Alloh sumpahna oge.... Naha atuh ari ayeuna jadi ngaku sabalikna? Gedebul gede pan ari kitu teh?” Kuring nanya deui, mojokeun Ningsih.
Memeh nembalan Ningsih ngarenghap jero heula.
“Terus terang we A, harita abdi sieun Aa robah pamikiran.... Sieun teu tulus ngawin abdi. Padahal abdi teh geus hayang rumah tangga. Geus hayang hirup bener jiga batur... Ukur Aa nu serius teh, nu sejen-sejen mah ukur ariseng wungkul pedah abdi rangda...”
“Tah pan apal ukur aing nu serius ka maneh, ning atuh tega ngahianat?”
Ningsih ngarenghap jero deui.
“Abdi rumasa A, kausap setan meureun harita teh. Naha ari ka batur bisa nolak, ka Si Egom henteu. Rumasa abdi salah, A...” Ayeuna mah sorana mimiti dareuda. Mimiti kaluar cimata. “Tapi abdi ayeuna mah geus jujur ka Aa, abdi siap narima resikona kumaha wae oge... Ulah nyangka abdi teu boga beban salila ieu. Beurat A hayang jujur kieu teh. Tapi disidem wae oge karasa nyiksa.... Abi rumasa geus ngabohong ka Aa...”
Amarah asa beuki ngalentab. Keuheul. Cua. Gejlig we ninggalkeun imah. Kekeleyengan mawa motor ti sore keneh sakainget ka mana nyanghareup, nepika ayeuna tengah peuting kieu anjog ka sasak Cijolang... Puluhan kilo ti imah kuring.....
Bulan masih moncorong. Cijolang masih seah. Caina nu kiruh boborelakan katojo sinar bulan. Beusi-beusi sasak Cijolang masih karasa tiis aribunan. Beuki tiis. Tapi hate  kuring masih ngaheab panas, jajauheun tina suasana endah ayeuna...
Heueuh, bareto basa ulin ka Ningsih teh manehna geus rangda. Ari kuring ge geus hayang rumah tangga. Kajeun ka rangda, asal daekeun diajak bener. Kuring bruk-brak niat rek ngawin, lain wae ka Ningsih tapi oge ka kolotna.
Ngan aya deui nu sok ulin, Si Egom. Manehna mah geus kolot, pantesna oge jadi bapana Ningsih. Jaba saapal kuring mah boga pamajikan Si Egom teh. Ngan cenah mah keur goncang rumah tanggana. Meureun pedah Si Egom mah pagawe negri, ari kuring ukur konektur beus, Ningsih jiga nu ngadua hate. Ka kuring ngalayanan. Ka Si Egom ngalayanan. Meureun saha we nu heula ngawin, eta nu rek ditarima....
Ari ulin ge remen bentrok jeung si kasebelan Egom teh. Tapi kuring teu mundur, gengsi kudu eleh ku aki-aki kitu. Kuring mah masih belekesenteng. Enya ge si Egom boga tagog, tapi kuring yakin boga kamampuhan nu leuwih ti manehna.
Enya we kuring nu meunang. Teuing lantaran memang Si Egom mah ukur iseng wungkul ka Ningsih teh, teuing rumah tanggana hade deui, da tuluy pakpleng tara ulin deui. Kuring teu kapalang tuluy nanyaan Ningsih.
Memeh kawin, kuring pirajeuneun nanya, hayang apal kana kajujuran Ningsih, naha kungsi sare sagebrug teu jeung Si Egom basa manehna sok ulin keneh? Harita mah nembalanana teh nyebut teu pernah, cenah. Disedek-sedek nepika sumpah demi Alloh sagala nyebut teu pernah. Kuring percaya ari geus kitu mah.
Ari tadi sore, mimitina mah tina pasea. Ngaran pasea tea tara pokus omongan teh. Ngadon nyabit-nyabit pananya nu bareto. Matak kaget ku jawaban Ningsih nu beda. Tadi mah manehna ngaku kungsi sare sagebrug jeung si kehed Egom.
Saha lalakina nu teu ngarasa dihianat?  Saha?
Sabenerna, mun bareto jujur mah, kungsi kituh... kuring ge moal jadi robah paniatan ieuh. Moal, moal jadi bolay ngawin Ningsih ieuh. Di mana atuh aya rangda nu bener? Langka. Jaman ayeuna boro-boro rangda, barudak ABG oge langka nu asli parawan keneh mah. Rereana mah ukur tarangna wungkul. Tapi keun moal dimasalahkeun asal jujur. Kuring ayeuna lain ngamasalahkeun kungsi sare sagebrugna, tapi ku pangakuanana nu teu jujur harita.
Sanggeus rumah tangga aya lima taunna, geus boga anak, karek tadi aya pangakuan nu sabenerna. Teu sangka, tega kitu ka kuring, ngabohongan. Wajar mun asa dihianat. Asa dibobodo. Ieu hate asa raheut pohara gudawangna. Meureun Si kehed Egomna mah nyenghel we, kop panyesaan aing... Setan! Jorag wae ku aing si Egomna kitu? Tapi naon gunana? Aeh, heueuh,  aya beja geus modar pan! Piraku kudu ngajorag ka pajaratan mah, gelo meureun ngaranna...
Hhhhhh. Kuring tanggah neuteup bulan nu angger moncorong, rada ngageser ti tengah langit. Mun bareto ngaku sajujurna mah moal nyeri-nyeri teuing hate teh. Taunanan kuring percaya ka Ningsih. Horeng mercaya kabohongan we. Ari geus kieu mah hese mercaya kajujuran teh.
Lalaki mah egois pan! Heueuh, naha hese pisan narima kajujuran Ningsih ayeuna? Pedah telat balaka kitu? Kuring ngahuleng. Padahal naon bedana samemeh pangakuan jeung saentasna? Pan gumantung kana panarimaan kuring. Ari kaayaan mah taya bedana ieuh. Gumantung kuring nyokot sikep. Naha rek ngahampura atawa rek neuteuli?
Sora cai Ciolang angger seah. Hhhhh.... Ras ka diri sorangan, kasalahan mah teu kurang-kurang salila rumah tangga jeung Ningsih teh. Leuheung manehna rek kitu peta ge jeung Si Egom, najan kuring geus nembrakeun kadariaan, tapi pan masih lagas keneh. Kuring can miboga manehna sagemblengna sacara hukum. Manehna masih bebas rek kumaha-kumaha ge.
Kasatiaan meureun nu katodel teh. Hmmm...kasatiaan.  Pan mun rek sarua jujur mah, komo kuring ...heueuh, sabenerna kungsi salingkuh sanggeus rumah tangga teh. Ngan pedah teu kabongkar we da kaburu bubar. Kuring teu kungsi balaka. Coba mun Ningsih apaleun mah, boa-boa raheut hatena alah batan nu karasa ku kuring ayeuna?
Heueuh, tapi naha teu bisa mapalerkeun ieu hate ku kanyataan eta. Naha egois-egois teuing? Ari Ningsih jujur kitu teu bisa narima. Ari diri sorangan teu jujur ge mani asa pangbenerna? Pedah teu kapanggih. Pedah teu kungsi balaka ngaku....
Kudu jujur wae kitu sorangan ge ka Ningsih? Kuring neuteup bulan deui. Moncorong. Beusi-beusi sasak karasa beuki tiis. Hhhhh.... era tapi... Hanas tadi geus amarah nepika nyabok pipi Ningsih sagala. Ari sorangan ge sabenerna cabokeun Ningsih.
Nganaha-naha diri sorangan. Naha hese pisan narima kajujuran Ningsih tadi,  nya? Naha sorangan hayuh nyalahkeun Ningsih? Naha ari ka Ningsih nungtut kajujuran, ari diri sorangan teu jujur?
Ngahuleng, weleh teu manggih jawabanana. Ditimbang-timbang mah gede keneh kasalahan kuring. Ningsih mah kituna teh keur can kawin ka kuring. Sabalikna kasalahan kuring mah sanggeus kawin jeung manehna. Sakuduna mah pangakuan Ningsih tadi teh dianggap lunas jeung kasalahan sorangan. Sakuduna mah teu kudu ngarasa dihianat... Da kuring ge sarua kungsi ngahianat....
Tapi ieu hate teu bisa dipapalerkeun ku pikiran rasional eta. Abong heueuh perasaan mah boga jalanna sorangan. Kudu kumaha atuh ayeuna? Mulang ka imah ngarengsekeun masalah jeung Ningsih, narima kana pangakuan manehna? Atawa kuring ge balaka, sarta menta dihampura?
Tapi sok sieun malah kuring nu dipojokeun ku Ningsih. Tah, Aa ge pan kitu peta...komo Aa mah... Jeung saha salingkuhna? Kungsi teu sare sagebrug jeung salingkuhan Aa? Naha teu jujur ti bareto? Meureun kitu Ningsih neregteg ka kuring teh. Hhhh....Kamanakeun ieu beungeut?
Wuwuh baluweng. Bulan beuki ngageser ti tengah langit. Cai Cijolang masih seah. Beusi-beusi sasak beuki karasa tiis, kitu deui hawa peuting, aeh janari ketang da geus liwat jam dua belas...
Kalah keuheul ku perang na hate jeung pikiran....Kuring nyampeurkeun motor. Gerung dihirupan. Dius mulang ka lembur. Di langit bulan masih moncorong. Tapi can aya kategeran na hate. Kumaha behna teuing...
Kuring ngajalankeun motor nembus hawa peuting nu karasa tiris. Tapi kuring asa jadi lalaki pangegois-egoisna. Terus nyemprung. Nyemprung. Hate mah can leeh. Marudah keneh. Terus egois. Egois. Horeng teu gampang narima kajujuran batur teh. Harianeun nembrakeun kajujuran diri sorangan mah...***

Lembur simpe Januari 2011.


No comments:

Post a Comment